Warning: file_get_contents(https://geolocation-db.com/json/548bd320-00be-11ee-82dd-87424d907439/3.19.211.134): failed to open stream: HTTP request failed! HTTP/1.1 502 Bad Gateway in /home/kisuta/public_html/app_www_23/controllers/counter.php on line 22
Nénéng Badé Nikah
Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Nénéng Badé Nikah

Rabu, 15 Juli 2020

KANG Opang, sasih payun Nénéng cios nikah. Kang Opang tos jangji, badé mangmotoankeun. Kadé hilap, nya. Sareng éta deuih, Kang Opang, mas kawin téh ulah ku sajadah sareng mukena wungkul. Nénéng hoyong ditambihan geulang. Balandonganana ulah ngulon-ngétan, margi bakal katingal heureut. Kadé hilap nganggo bendo pami engké Kang Opang nga-MC-an, supados tambih sieup. Éta deuih, Kang Opang, ngintun kembang sedep malem kahadé bilih elat. Moal nya, da Kang Opang mah ngebon nyalira. Geuning kebonna téh di suku gunung, mani waas titingalan. Émut kénéh henteu, waktos Kang Opang kedal jangji badé mikaasih Nénéng. Pasti émut, lah. Tapi naha atuh Kang Opang bet jalir jangji, kalah kabéngbat ku mojang sanés. Ulah seueur teuing warna kayas ah, pami engké Kang Opang ngadékor kamar pangantén téh. Nénéng mah resep kana biru sahéab. Awas nya, Kang Opang, pami ngabéja-béja perkawis Nénéng kantos operasi selaput dara. Teu suka Nénéng mah. Ah, pokona mah awas wé.*

Tatang Sumarsono - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya