Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Pertelon

Jumat, 24 Juli 2020

HUJAN. Sanajan ukur ngaririncik, lila-lila mah caina nyalangkrung na sisi-sisi jalan. Unggal lampu setopan ngawarna beureum, aya léngkah nu rikat ngadeukeutan unggal mobil nu rékép kacana. "Dengar laraku. Suara hati ini, memanggil namamu. Karena separuh aku, dirimu...." Haleuang nu sanajan teu pati halimpu, tapi mirasa. Da dibarengan ku haté ngedalkeunana. Gitar leutik. Beungeut nu cipruk. Kadang sok asa-asa. Naha cihujan atawa cimata nu mapayan pipina? Kadang aya hiji dua nu ngasongkeun duit récéh kana bungkus roko nu molongo luhurna. Mimindengna mah lapur. Ukur tiisna hujan nu jadi buruhna.
"Lebaran ayeuna rék balik ka lembur, Jang?" ceuk nu ditopi beureum. "Moal sigana, Mang. Saprak si Ema maot, lembur uing mah geus pindah ka dieu. Handapeun panonpoé. Handapeun hujan nu unggal soré nyimbutan." Béntés. Sanajan semu dareuda.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya