Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Munjung

Sabtu, 25 Juli 2020

ÉSTU teu puguh sumberna, tapi nyebar tatalépa, pajarkeun aya nu munjung, sugih dibantu dedemit. Moal ka saha nudingna, mana komo saenggeusna dihihidan, najan henteu nunjuk rorék, ka jalma nu dipimaksud, cukup ukur sindir sampir. Ngadadak pada miceuceub, dijauhan ku tatangga.
“Bagong …! Bagong …!” ngambreg pada ngepung, sabedogna, saruyungna. Da puguh sato geus limpeu, teu lila gé jadi bugang.
“Cuang anteurkeun ka pamajikanana! Cuang éra-éra ku saréréa!”
Regeyeng digotong, dibawa ka gedong sigrong, dialeut-aleut pangeusi lembur, nu lulungu gé bet ngadadak jadi cénghar.
“Asa ku rareuwas temen. Badé nepangan pun lanceuk? Mugi kersa ngarantosan, mo lami gé rérés tahajudna.”*

Tatang Sumarsono - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya