Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Wawanén

Senin, 27 Juli 2020

WANCI Isya manéhna kakara anjog. Mulang ka sarakan. Saenggeus mangpuluh taun lunta kapaksa. Ninggalkeun sagala nu dipikamelang tur dipikacinta. Sajajalan kapireng nu pating kacewis. “Aya perlu naon manéh ngalanto ka dieu?” Tua Kampung tumanya, sora ngagerenggeng. Teuteupna ngemu kaceuceub. Tonggoy leumpang teu maliré nu nanya. “Dasar jalma gélo!” Kareungeu hawar-hawar. Pangbagéa nu nyentug kana jajantung. Sajajalan milang tatu nu nyangkaruk. Horéng cédana can sirna.
Lembur tetep jempling. Hiur angin nyingraykeun lalangsé ingetan. Mangsa ragana dicangkalak, diborogod tur disiksa. Nyidraan harga diri. Ceuk maranéhna mah, taya tempat keur nu béda pamikiran jeung rasa. Mingsal bakal mawa mamala. Manéhna tetep teuneung. Teu gedag najan bulu salambar.
Rumandeg di hareupeun ruruntuk imah panggung. Sésa kahuru amarah. Talawéngkar ambarayah lir haténa nu guligah. Batu tatapakan tetep satia nuguran. Cicirén kukuhna pamadegan.
Purnama sumedeng mabra. Cahayana maruragan, mulas jirim nu tanggah. Salilana, panon nojo bulan. Leungeun kumeleter ngaranggeum sasebit bandéra. Nu urahay lir getihna.*

Rudi Alfajri - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya