Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Mung Salira

Selasa, 28 Juli 2020

LALAKON salira sakitu ahéngna. Nganteng dugi ka kiwari. Wuwuh tigin cecepengan. Teu galideur ku rupaning gogoda. Sanaos kedah nandonkeun kang putra. “Hampura Ujang, Apa lain téga,” pokna. Laju ngalugas pakarang nu hérang meunang ngasah. “Mangga sadaya-daya seja ngiringan kapalay Apa,” walona. Bari imut taya riuk. Haté nyacas taya céda. Banget teu wasa. Bari peureum ngulangkeun pakarang. Tenggekna disinekelkeun kana kai. “Hampura Kasép…! Gérésél. Barang keur kitu. Dumadakan aya nu noél. Rét, dirérét. Gebeg. Imut bagja. Ti mangsa ka mangsa.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya