Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Eyang Jenat

Minggu, 2 Agustus 2020

KISUTA.com - Ngariung saanak incu. Ngampar di tengah imah. Eyang calik nyarandé ka pangkéng. Tengeneunna Indung Enjo andéprok sareng Indung Eni. Kiwaeunna Indung Cinot sareng Ma Anah, teu lirén ngalemar.
Palaputra ngariung ngaradu bako. Galogonjakan. Apa gé aya sareng Ema katut Wa Eha jeung Bi Irah. Bebenyit mah arulin di buruan. Uing mah sok diajakan ucing sumput ku Ceu Iyet jeung barudak nu laleutik kénéh. Kang Ikin, Kang Ii, Kang Engkus, Kang Tatang jeung barudak lalaki nu geus galedé mah sok barén. Atawa méngbal jeruk bali nu dibubuy. Eak-éakan.
Teuing naon nu sok diriungkeun téh. Ngan sainget uing, mindeng Eyang mah ngumpulkeun anak incuna. Di bumi ageung Indung Enjo, nini uing. Atoh wé barudak mah. Loba dahareun, da sok meuncit domba sagala.
Tara aya nu sok tatanya. Tetelepék. Semet nyaho, aranjeunna téh istri Eyang. Aranjeunna téh istri Apa. Maranéhna téh lanceuk, adi, alo, atawa dulur sabrayna. Alakur. Lalayeut Anak incu pituin Eyang.
Hamo kataékan. Pamohalan katurutan ku uing. Cacakan ngan dua anak téh, geus méh arakil balég, can ieuh patepung. Komo wawuh. Si Cikal ngarasa nunggal. Si Bungsu asa nunggelis.*

Abu Ainun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya