Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Queen Of The South

Minggu, 2 Agustus 2020

BASISIR Parangtritis. Bulan mabra. Kalangkangna anteng ulin dina motahna lambak. Kalangkang anjeun jongjon ngulinkeun motahna rasa. Kokoléaban. Sakamalir jeung hiliwir angin. “Tengah wengi. Kamar 33.” Ceuk kertas sacewir nu dipihapékeun ka rumboy. “Teu kénging elat. Bilih sapertos di Bali.” Biur. Implengan. Ka Grand Bali Beach. Dua puluh taun kalarung. Alatan motor mogok, elat sajam. Kasampak, hotél burakrakan. Nu nyésa ukur kamar 327. Tempat anjeun nungguan. Ti harita leungiteun anjeun. Wanci terus nyérélék. Ka tengah peuting kari wiwiletan. Ras basa tepung munggaran. Kamar 308 Samudera Beach. Anjeun sabeuleugeunjeur. Ngabebengkang. “Sing apik detil rarayna. Ulah siga itu.” Anjeun nuduhkeun lukisan dina témbok. Ku angkeut. Lenyap. Éta tenggek teuing ku lenjang. Sataranjang jeung sampulurna awak. Anjeun. Wanoja umur lilikuran. “Ah, geulis sotéh baheula. Keur ngora.” Ceuk haté. Teu méréan. Ras ka Rara nu keur mangkat rumaja. Hiji-hijina titinggal si jenat. Gilig. “Moal ditepungan!” Jelegur. Jaladri ngadadak séah. Anjeun. Kakalayangan. Dina sawangan.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya