Sastra & Humor
Fikmin
Haréwos
Kamis, 6 Agustus 2020
BET terus rasa, leungeun nu sasari taya kacapé ngusap késang jeung mépéndé, na mangsa simpé. Dikeukeuweuk. Siga miharep peuting ieu mah, jarum jam leuwih anca. Mun bisa mah reureuh! "Ah,saéna mah cuang nyileuk. Sasurupna bulan!" Cenah, sorana eur-eur bari curukna nunjuk langit nu kalah mongkléng, sedeng kuring masih mangmang naha éta naha lain? Basa hawar-hawar sora karéta. Beuki lila. Beuki deukeut. Lir sorana. Laun-laun nompok kana ceuli. Ngaharéwos "Titip pun anak! Jalmikeun."*
Arom Hidayat - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini