Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Kukupu 'na Juru Surat

Rabu, 12 Agustus 2020

KOTA. Sareupna. Siga anjeun nu gigisik, antara hudang saré atawa hayang sidik, mémang kuring geus teu perlu tumanya deui ka ayeuna. "Ah hirup mah dulang tinandé, Ang! Éndah ukur wilangan poé, kanyeri, kamari, lain rarasakeuneun kiwari!" Sora anjeun ngageter. Marengan sapasang jangjang. Ngeleper. Basajan. Ngan, asa rék lana anjeun hiber. Nutur-nutur indung peuting. "Wilujeng angkat?" Boa éta hiji-hijina jawaban pikeun surat-surat ti anjeun. Nu taunan rikip, nu laun-laun ngan jadi monolog simpé, sarikip panto lomari nu pageuh nyidem hada demi hada, sasimpé tumpukan dangdanan demi dangdanan. Lomari di juru kamar, aki si cikal.*

Arom Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya