Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Di Satengahing Marga

Senin, 17 Agustus 2020

WANCI sareupna. Tengahing marga. Leuweung geledegan. Nu jauh ka ditu ka dieu. Manéhna sabalad-balad ngeureuyeuh ngakutan koral. Taktakna balolégér geutah bonténgan. Teu dirasa. Cenah,tamaha, batan usaha genah ladang ngarah ngarinah mah. Gerung sora mobil. Reg. “Wayahna euy...! Isukan rék diaspal, bisi kaburu diroris gegedén,” ceuk nu di jero mobil nyéréngéh bari diléndéan ku nu luis. Dius.
Tengah peuting hawa mingkin nyecep. Nembus satulang sandi. Waruga regung gemprah nyalangkéré disimbutan pepedut kapeurih. Nahun.
Wanci janari leutik. Bulan sapasi nyérangkeun dina lolongkrang dahan kiara. Ti jauhna. Hawar-hawar sora ajag tingculaung. Teu kanyahoan, tina rungkun aya rorongkong tingkuniang minuhan jalan. Utey. Aya nu mawa cameti sagala. Manéhna ngulisik, rungah-ringeuh. Kagareuwahkeun ku sora nu gogolonjrangan. Rét. Gebeg. Mireungeuh setum maju sorangan. Awor jeung sora nu tingjarerit. Isukna geunjleung. Aya mayit didarasi euweuh huluan.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya