Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Téstimoni Koruptor Soléh

Rabu, 19 Agustus 2020

RÉK balaka baé, kuring téh koruptor. Ngan kuring mah koruptor anu tarapti. Nepi ka kiwari can kaambeu ku KPK. Padahal teu kungsi dudukun. Naon rusiahna...? Tahajud. Enya, kuring getol tahajud unggal peuting. Teu eureun ngadu’a sangkan kalakuan kuring teu kapanggih ku aparat. Alhamudlillah, nepi ka danget ieu kuring tiis tingtrim.
Salian ti éta, anak pamajikan ogé teu kungsi dahar duit hasil korupsi. Ngahaja. Imah agréng jeung mobil-mobil hasil basilat mah teu kungsi digunakeun ku maranéhna. Hirup basajan. Dahar hasil tina gajihan. Imah tipe dua hiji. Motor bébék tujuhpuluh paranti nganteurkeun marananéhna ka pasar, ka sakola. Berekah, barudak tumuwuh jadi jalma-jalma anu saroléh. Da dina beuteungna teu kungsi nyileungleum kadaharan haram.
Tah kitu pangalaman kuring téh. Mugia ieu tulisan sing jadi eunteung pikeun para koruptor ngora nu karék léléngkah halu. Hayu urang korupsi berjamaah, supaya karasa leuwih apdol! Mugia Gusti salawasna nangtayungan urang.*

Rudi Riadi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya