Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Wirahma

Kamis, 20 Agustus 2020

UKUR wasa neuteup. Kawas adegan lawas. Tujuh welas taun tan laas-laas. Basa aamis cau lebah singkur gelungna. Kolényay bitis dina cowak samping ibingna. Sarta saléngkah-saléngkah bareubeu keuneungna. Munggaran ngadampal panggung. Dipapag wirahma rancag Daun Pulus Késér Bojong. Ngusikkeun sabuku-buku kujurna. Ngarampayak. Bajidor rajleng. Ngaranggeum karémbong reujeung imutna.
Ukur wasa neuteup. Basa panyaram diwalon tonggoy. “Nuhun kanyaahna, tos satia nganganteur ti panggung kariaan dugi ka gedong kasenian. Tapi harepan Wulan kedah jucung ka puncakna. Akang gé sing janten wartawan tuladan...” Kedalna. “Tapi éta harga diri baris diborahkeun.” Gerentes. “Urang sorang jalan séwang-séwang...” Sorana. Pamungkas. Ringkangna. Taya raratan. Ukur iber saliwatan. Wirahma ibingna mokaha ti hotél ka hotél. Ti rangkulan ka rangkulan.
Kiwari. Sajeungkal-sajeungkal papakéan diudar tina sampulur awakna. Teu eureun reureundeukan dina wirahma katut saru cahaya. Motah. Padangarecah. Mirun birahi janari. Di juru diskotik. Ukur wasa neuteup. Karasa aya nu ngagelek dina tikoro. Leuwih seuseut batan ngalekik anggur pikeun nu kasakitukalina.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya