Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Sajak

Handapeun Matapoé Kamerdékaan

Jumat, 21 Agustus 2020

Basa méga bodas ayang-ayangan

di langit. Sora barudak awor jeung bituna rasa;
"Telah bébas negeri kita
Indonésia merdéka!" cenah, mani rampak.

Geus ngagurat na tapak-lacak baheula
kamerdékaan nu disulam ku benang inten
nyiptakeun langit kabébasan teu kahalang ku
rumeukna méga. Simpay-tineung beureum-bodas
nu dikelin ku benang pérak ngérab-ngérab
handapeun matapoé nu cangra kapandeurinakeun
"Telah bébas negeri kita
Indonésia merdéka!" (barudak anteng neuteup
ka awang-awang, ka lebah kélébetna bandéra nu
diulinkeun ku hiliwirna angin tengahpoé)

Mangsana lagu béakeun wirahma
aya lagu tanpa sora
aya haleuang tanpa nada
Tapi wirahmana angger ngagedurkeun sumanget gawé
Beureum-bodas angger
ngérab-ngérab handapeun matapoé
éréng-éréngan.

Bandung, Agustus 1994

Rosyid E. Abby – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya