Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Jubah Goni

Sabtu, 22 Agustus 2020

PENDOPO Kadaton, heurin ku para inohong Nagri Aisénodné. Hémpak merbayaksa, nganti Ingkang Prabu, Raja Imron Al-Manar. Nu dianti jebul ti pipir, dipirig ku gending kebo jiro. Gék dina korsi gading gilang kancana. Pok ngandika, “Aya naon ieu téh, asa rariweuh teuing!” Salah saurang inohong gasik ngébréhkeun pamaksudan. Ceuk pamadegan maranéhna sagala nu dipilampah ku Raja Imron teu saluyu jeung cita-cita révolusi. Salah sahijina, raja teu meunang midunya.
Mireng kitu, Raja Imron bendu. “Kula maké papakéan alus lain alatan midunya. Istuning diniatan kusabab embung ngahinakeun nagri jeung Gusti. Bisi teu percaya ieu buktina!” Tatag, laju nyingkabkeun bajuna. Bréh, jeroeun jubah sutra kayas, katémbong baju goni. Mangratus-ratus tumbila nyayang dina sesela, mararontok. Katingal kulit leungeun Raja bareureum, kawas urut dicoco tumbila. Sakabéh inohong hookeun, tuluy marulang.
Raja Imron muru pangkéng, séja leleson. Baju goni dilaan, jeroeunana katénjo jubah sutra héjo.
Jol, saurang dokter karaton nyampeurkeun, “Waktosna ngaleueut landong, nun…,” bari ngasongkeun ubar rajasinga.*

Rudi Alfajri - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya