Minggu, 26 Januari 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nagri Séksi

Senin, 7 September 2020

PRÉSIDÉN Nagri Répéh-rapih kacida hélokna nempo rahayat nagri nu rék dibeulina, Nagri Acakadut. “Miskin tapi séksi,” pokna, bari nempo ibu-ibu nu keur nyusuan budakna. “Aya nu leuwih séksi,” ceuk Présidén Acakadut bari tuluy ngajak tamuna ka sisi walungan. Enya bae awéwé-lalaki kolot-budak garuyang di dinya. Sang Tamu beuki katajieun. Jalan-jalan deui. Brul, barudak kalaluar ti sakola.
“Naha sakola téh siga kandang sapi, apanan kuring kungsi méré bantuan?
“Ih, ulah ningali sakolana, tingali mah nu ngurusna. Tuh, mobil sakitu maréwahna. Ngahaja barudak sakola sina laleumpang, supaya saréhat. Jaga, geus teu kudu aya deui kartu miskin. Nu gering mah sina nu baleunghar baé,” ceuk Presidén Acakadut bari pepeta, reueus naker.
Tamu ungut-ungutan, “Jadi!” Kituna téh bari ngaluarkeun duit milyar-milyar. “Sok wé urus ieu nagri. Mun taun hareup kuring ka dieu deui, miskinna kudu leuwih séksi ti ayeuna.”*

Rudi Riadi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya