Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Pésta Geus Lekasan

Senin, 7 September 2020

CIMATANA ngalémbéréh mapay pipi. Angin peuting ngusapan buukna nu kari huis. Ngagebahkeun kutu-kutu nu keur ngumpul ngariung dina palebah kulit sirahna nu pitak.
Mencrong bulan nu kari sapotong. Embung leupas. Ras ka jaman bihari. Dina wanci kieu manéhna papisah. "Éndahna bulan ngan saukur sawangan," ngagerendeng. Kolébat jirim si manéhna. "Ah, naha ngan sakeudeung?" bari ngusap beungeut.
"Geura balik! Entong ditungguan waé! Ulah nyiksa diri! Naha teu inget kana jangji anjeun?" aya haréwos kana ceulina. "Imah aingah dunya. Na kudu ka mana aing mulang?" gorowokna. Golédag nangkarak.
Anu paséa mingkin rongkah. Itu-ieu embung éléh. Nyaritana beuki tarik. Gorowokna nembus bulan.
"Tong paraséa waé atuh! Éra ku bangsa deungeun," aya sora handaruan. Horéng Nini Antéh geus ngabedega bari ngais Ucing Candramawat.*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya