Selasa, 30 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Rhapsody

Jumat, 11 September 2020

LUHUR ranjang. Lawas raga nyangsaya. Milang harepan nu leupas ti rénghap ka rénghap napas. Sedeng lalakon palid dina selang nu pajuranteng. Keclak demi keclak infusan. Ketug jajantung ngerepan. Sarta jarum suntik langgeng matri saban usik. “Tong rémpan, Kang. Perjuangan urang bakal terus ngagedur.” Mawar. Sora anjeun angger ngagalindeng. Laju lelemes réma jeung iipis lambéy nyaliara dina tarang. Lalaunan ieu awak dicengkatkeun. Didiukkeun dina korsi roda. Kebat mapay-mapay buruan rumah sakit. “Tong salempang, Kang. Nu darémo beuki ngagugudag sumangetna.” Mawar. Anjeun ngarandeg sakedapan. Metik sagagang mawar nu karék ligar. Diasongkeun sangkan diseuseup duaan. Kebat deui nyusud lulurung. Rohang-rohang humaregung. Kamar-kamar humarurung. Jeung pirang-pirang raga nu dirurub. Urang anjog ka kamar nu panungtung. “Tong hariwang, Kang. Kapan takdir salawasna ngaruhit.” Mawar. Galindeng anjeun nyidem kapeurih. Rekét muka panto. Kasampak bugang-bugang tan ngaran jeung titimangsa. Naha aya bugang nu sarupa jeung anjeun? Geuning bugang sorangan gé aya di dieu? Gudawang tapak pélor dina tarang.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya