Selasa, 30 April 2024
Sastra & Humor
Sajak

Sajak Nagara Démokrasi

Senin, 14 September 2020

"Démokrasi geus digantung di awang-awang!"
Séah angin basa nangtang hujan silantang. Basa
sora-sora kabébasan lir mudal dina sungut-sungut
ngabudah. Pinuh mamanis

"Démokrasi geus mumbul ka alak paul!"
Sora gumuruh hujan basa angin lilimbungan
ngarubuhkeun tangkal di jalan-jalan trotoar. Basa
kamerdékaan ngawujud kabébasan
teu didinding kelir. Basa démokrasi ngaberung
mangprung apung-apungan

Sora démokrasi lir lagu himne atawa mars
ngagalaksak ka kota-kota. Ka lembur-lembur singkur
ka basisir ka pagunungan. Ka leuweung ganggong
simagonggong ka lamping-lamping
pasir bulistir. Ngawujud na rampak sekar
kaom démonstran. Ngawujud na haleuang kaom cacah:
"Kamerdékaan, duh, kamerdékaan.
Démokrasi, euy, démokrasi..." Sorana méh les-lesan
kabawa angin peradaban global

Agustus, 2007

Rosyid E. Abby - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya