Selasa, 30 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Néy

Senin, 14 September 2020

AYA ku baku, Néy, wayah kieu urang bisa kénéh kumacacang. Ka mana nu lian? Urang geus ngobrolkeun rupa-rupa hal. Gandhi, hawa tiris di New York, Sukarno, pewarna dina arumanis, atlantis, diskon, Israél nu gedebul, lipstik. Geus lalangiran, geus nangkeup tuur. Gegedoh kopi geus bari. Aéh, hawa janari siga-siga geus ngaronghéap. Tapi wangkongan terus ngajaul ka alak paul. “Bisi Emang tunduh mah, off heula wé!” pokna. Kuring mukaan buku puisi, nyutat dua baris di antarana, plung deui kana inbox. Ngulinkeun dunya, dilegaan, diheureutan, dipoékan, dicaangan. Ka mana nu lian, Néy? “Pun lanceuk tos tara uih. Barudak tos biasa deui saré jeung ninina. Mang, sakapeung abdi jadi incuing, atawa bueuk. Atawa, ngahérang dina Kiara.” Pasti, Néy, pasti. Keun isukan, ku Emang rék dilongok ka kuburan.*

Darpan A Winangun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya