Sastra & Humor
Sajak
Lagu Kakangen
Rabu, 23 September 2020
girimis
pras-pris
manjangkeun kakangen
ka lemah sarakan
ka angin ngulayaban
ka daun-daun kembang sapatu di pakarangan
girimis
pras-pris
kana embun-embunan
manjangkeun kakangen
ka bumi maneuh
kana mancawurana kekebul jalan
ka salira nu mantengkeun asih jeung rasa
Jkt, Nopémber 1985
Rosyid E. Abby - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini