Jumat, 3 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Kamar

Sabtu, 26 September 2020

CARA sasari. Mulangna téh rerencepan. Bangun teu hayangeun aya nu apal, ka mana jeung ti mana manéhna. Mun pareng kawénéhan pasarandog di lawang panto, tepas atawa rohang séjéna. Ukur kunyem. "Punten nembé wangsul!" ngan sakitu-kituna, biwir nu rikip. Jajauheun kana sipat gondéwa. Nu nyalindang na dada para satria nu rajeun ngabar sangetna sungut. Sungut nu nyulap dayeuh salin jinis jadi leuweung. Ukur nu ngaragameneng, ukur nu pireu
Kungsi sakali mangsa mah bakating ku panasaran. "Kamar! Pasti kamar mah apaleun sagala rusiahna" Gerentes kuring. Muru panto kamarna. Digudrag-gudrag. Pageuh. Euh, dikonci! Bari euweuh duplikat. ngan manéhna nu nyekel malah sakapeung mah sok dikeukeuweuk sagala.
Rurat-rérét. Barang tungkul bréh handapeun panto aya sacewir keretas, aya tulisan warna beureum.
"Naon hartina nyarita, mun nu lunta ukur cimata!"
Gebeg! Sakabéh rohangan lir nu lilir.*

Arom Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya