Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Sajak

Lewang

Minggu, 27 September 2020

Aweuhan magrib patémbalan jeung sora kelakson,
ukur kapireng ngagerendeng dina pangreungeu
basa anjeun ngaberung ngumbar kabingung
nu satia ngukuntit saban heumbatan léngkah.
di sapanjang trotoar pangwangunan
nu heurin ku pirang-pirang nasib.

di masigit, mangpirang sajadah humandeuar
ngariung merebot nu ngalungsar tukangeun paimbaran
nungguan sakadang léptop réngsé ngagalindengkeun adzan.

di pipir masigit, di juru wangunan nu teu pati caang,
kohkol morongkol hareupeun bedug nu keur jamedud,
lalajo tukang parkir nu keur ngéntépan motor jeung mobil
lalajo abringan léptop jeung hénpon muru pancuran,
dianteur ku teuteup nu bogana nu keur balakécrakan handapeun caringin kurung.

di alun-alun peuntaseun masigit,
handapeun tihang bandéra nu kabulusan,
barudak arandekak diamparan sarung jeung sajadah
naranjangan kahayang, molototan nu sataranjang jeung ranjang.
sawaréh pating belewer malédogkeun imut jeung SMS
ka unggal mukena nu cilingcingcat ngawurkeun rindat.

Palangsiang, palebah dieu tungtung waktu nyirurukna

Inda Nugraha Hidayat – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya