Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Ultah

Minggu, 27 September 2020

JAMAN keur sarwa walurat. Tong boro jeung méré hadiah pikeun budak. Keur dahar sapopoé ogé, koréh-koréh cok. Tapi teu burung hayang ari nyugemakeun mah. Ngan kumaha ngakalanana. Ti saminggueun rék ulang taun, Sarah geus ngarenghik, hayang bisa naék sapédah. “Teu dibéré injeum ku Inah,” Bari alum, deukeut kana piceurikeun. Ah aya ideu, laju dibadamikeun jeung budak. Sarah unggeuk. “Yakin tiasa saminggueun?” Kuring nanya ngayakinkeun.
Poéan ulang taun, kurunyung kuring mawa sapédah. Sarah atoh pisan, sidikna ajrag-ajragan. Isuk soré diajar naék sapédah. Meusmeus labuh. Teu burung ari ku leukeun mah, ukur tilu poé Sarah bisa naék sapédah. Bur-ber kaditu kadieu.
Poé katujuh, datang Mang Barna. “Kumaha, kang? Badé diperpanjang?” Kuring ngarérét ka nu jadi anak. Sarah surti, laju ngaharewos. “Tos cekap, Pak! Sarah tos tiasa naék sapédah.” Mang Barna mawa sapedah nu disewakeunana...*

Apoedy Sarah Ihsan - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya