Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Patenggang

Selasa, 29 September 2020

NAJAN teu pati laju, parahu teh teu burung maju. Cai nu kadupak lalaunan nyingray, oyag-oyagan siga oyagna daun-daun garing nu disusurung ku hiurna angin.
''Tos lima taun urang teu kadieu teh, nya A?'' Anjeun nyoara, bari leungeun nyekel pageuh ramo-ramo kenca kuring. ''Muhun Neng..harita mah nembe gaduh dua nya?'' Ceuk kuring. Panon neuteup ka hareup, opat ringkang nu lalucu keur patarik-tarik ngagerokeun hiji ngaran ''Shaun the sheep! Shaun the sheep!''.
Parahu tuluy laju, meulah cai, meulah panineungan nu geus lima taun teu kapupus satitik oge.
Baheula, aya rangkulan nu lila-lila mingkin mageuhan.
Ayeuna ge, aya geugeut nu eunteup. Dina luhur parahu, Leungeun katuhu ngusap damis anjeun nu katiisan wanci. Diusap, tuluy diusap, nepika aya opat sora nu ngabejaan ''Papah,,Mamah..hayu lungsur, tos dugi ka batu cinta...''*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya