Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Mitoha Lalaki

Senin, 12 Oktober 2020

MITOHA lalaki datang. Jadi ngulisik deui omonganana sawatara taun ka tukang, basa kuring can méré kabagjaan ka anakna. Mémang teu langsung kana ceuli sorangan. “Salaki Si Sari mah euweuh gadag. Kaduhung baheula teu dikawinkeun ka Cép Dana.” Kitu cenah ngomongna mitoha téh. Ti harita kuring jadi kurang hormat. Nambah teu respek deui basa datang soré-soré. Geus terus rasa. Katingali tina paromanna nu sura-seuri ti lawang panto kénéh. Sidik da apaleun, ayeuna kuring geus beunta. Molotot malah mah beuntana gé.
Ditanya saperluna, némbalan saperluna. Pamajikan nu pak-pik-pek mah. “Naha siga nu haré-haré aya Apa téh?” Tanya pamajikan. Dijawab ku manéhna kénéh. “Nu atos mah atos wé atuh.”
Peutingna ngariung di patengahan. Seuri mitoha beuki rubak baé. Kuring mimiti marudah. Diinjeuman duit ku tatangga mah teu guling gasahan kawas kieu.
“Sawah nu di landeuh téh payu dua milyar. Ayeuna waktuna Apa rék babagi,” pokna muka carita. Giliran kuring nu sura-seuri ayeuna mah.*

Rudi Riadi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya