Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Bulan Sapasi

Selasa, 13 Oktober 2020

MÉGA pias ayang-ayangan. Bulan sapasi lir parahu, ngangkleung dina kamalir peuting. Bulan nu kari juruna, sésa dicangkalak riwan. Bulan nu teu weléh imut.
Peuting saméméhna, ogé peuting nu ieu, ngan nungtung dina teuteupan. Nyorangan. Neuteup bulan sepa. Kumeleter. Tanggah, bulan nu teu weléh ngajak imut.
“Kunaon inget waé ka manéh, Déd? Mata manéh nu éndah, nu salawasna nyamunikeun semu. Nyorotkeun bohong nu leuwih ti misti. Kunaon teu bisa poho, Déd? Sakitu manéh geus nganyerikeun ieu haté? Duriat, hanjelu, kasono jeung rasa éra pagalo jeroeun karumasa. Lamun nyaho saméméhna, asih téh kieu rasana. Moal, moal mikeun rasa nyaah ka manéh, Déd. Moal!”
Duh, bulan sapasi teu weléh ngajak imut. Hiks...*

Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya