Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Heuay

Rabu, 14 Oktober 2020

HANJAKALNA, kuring bogoh pisan ka pamajikan téh. Sakitu manéhna sababaraha kali nyieun kasalahan ogé, dihampura deui, dihampura deui. Ka dieunakeun beuki ngagalaksak. Keun, perkara beuki nganjuk ka warung mah. Éta ku remenna nu nagih ka imah, bari jeung nu ditagihna tara nyampak. Nyumput. Rupa-rupa. Aya ti koperasi keliling. Ibu-ibu arisan. Aya ogé ti kelompok usaha nu sok nganjuk-nganjukkeun sembako. Tara kabeneran amprok atawa kapoconghok deuih. Kawas nu apal jadwal.
Tungtungna jorojoy niat ngawarah, bisi jadi panyakit. Bahan nyarékanana disiapkeun. Mun manéhna ngurunyung balik nyumput, rék dicarékan bébéakan. Teu gampang. Nu matak diajar heula. Lajag-léjég di patengahan bari gogorowokan “Naha iraha atuh robahna kalakuan manéh téh? Mun kieu carana mah akang geus teu kuat. Urang pisah baé. Percumah....”
“Keur acara drama di mana, Kang?” aya nu nanya di lawang panto kamar. Gebeg. Manéhna gigisik bari heuay. “Mani ngaganggu ka nu keur saré beurang...!” Bari asup deui ka kamar.*

Rudi Riadi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya