Si Onod Muhit Suling Sakti
NOHONAN hiji sarat bangun nu pamohalan. Si Onod leuleuweungan néangan tamiang nu geus diliangan ku bangbara. Weléh teu manggihan. Meuting hadapeun dapuran awi. “Emh, karunya teuing jalu..,” ceuk hiji sora. Si Onod ngagurinjal. Bari gigisik. Hémeng. Bet aya di saung eurih. “Meungeus, tong geruh, tah suling téh geus angeus, jung geura mulang,” témbal Si Aki. Bari ngasongkeun suling. “Omat ulah ditiup sagawayah, sing tahan godaanana,” pokna deui. Les, ngiles.
“Tah, kabeneran euy! Ari silaing Nod kamana waé? Wayahna isuk mah urang manggung, juragan Darma ngawinkeun Néng Eulis,” ceuk Sudin. Onod ngajenghok. Bréh Eulis kapibeungeut. Inget waktu nyangsaya dina dadana. Eulis digusur ku kolotna. Karasa kénéh waktu popongkol nyayang dina pundukna. Témbong dina juru panonna aya nu nyangkrung.
Gamelan degung ngagembrung luhur panggung. Jerit suling nyirep sakur nu haladir. Mencrong ka nu keur nyuling. Sangeus tamat hiji lagu. Kapireng aya nu nginghak di pelaminan. Geunjleung.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com