Jumat, 3 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Méga Beureum di Langit Gaza

Sabtu, 22 April 2023

SORA bom teu reureuh. Tingjelegur. Langit Gaza meureudeuy. Beueus. Dibulen méga beureum. Kimpel. Wanci sareupna. Sayid ngalangsud dina sela-sela bugang nu pasoléngkrah. Biwirna baseuh ku dikir. Rét ka adina nu kari sirahna. Digalentoran. Da puguh cikénéh diasuh, dipapangku. “Subhanalloh..., ari Umi jeung Abi di marana nya?” Gerentesna. Bari rarat-rérét. Jelegur! Jelegur! Sora bom disada deui. Awor jeung sora nu tingjarerit. Manéhna ngalangsud deui. Sangeus ngaliwatan puluhan tumpukan bugang. Laju muru hiji imah geus ajur. Bréh. Aya nu dijilbab bodas. Keur nyarandé bari nyuuh dina témbok. Sayid jantungna dumadakan ratug. Da puguh geus apal. “Zenaaab! Ieu akaaang...!” Sayid ngajorowok. Nu digeroan tonggoy. Ukur némbal ku kerejet awakna. Sayid batinna jumerit. Kumejot hayang nubruk nu ngulahék. Orokaya, teu kaduga. Balas ngagusur sukuna nu kari sabeulah. Getih ngocor. Nyelengseng seungit kastori. Marengan kecap panungtung...*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya