Jumat, 3 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongéng Pasosoré

Anak Jagal

Senin, 24 April 2023

BUKA puasa téh asa ni’mat kacida. Lain pédah loba dahareun, ngan asa leuwih rempeg wé teu tiluan teuing kawas sasari. Padahal mah ukur katambahan saurang, sobatna Si Cikal nu ngahaja ngadon ngéndong.

Pikaresepeun budak téh, teu namu, teu éraan tapi tetep adab. Dahar gé tara tampikan, naon waé nu disodorkeun teu ditolak. Bangunna téh sagala beuki.

“Ari buka di bumi sok jeung naon waé, Jang?” cekéng téh, asa ngahelas ningali karampusannana.

“Upami gaduh artos mah sok sareng kurupuk, maksakeun mésér,” cenah. Deuh, mani watir kieu yeuh budak téh. “Teu gaduh artos mah sareng daging wé…” pokna deui ngahalengis.

“Har, nawet…?” Teu kebat, kaburu ditémpas Si Cikal, ”Manéhna mah boseneun dahar daging téh, Pa, da bapana jagal. Kios dagingna gé di unggal pasar.” Beu!*

Ki Suta - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya