Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Dina Lawang Sawarga

Senin, 8 Mei 2023

GAPURA nu ka-dalapan. Pangluhurna. Manéhna nangtung nyanghareup kana cukang nu ngembat manjang. Teu eureun mancokeun paneuteup ka unggal nu réngsé meuntas. Kadang narik napas rada lila, tuluy tatanggahan bari semu gulinggasahan.
"Nungguan saha, Nyai?" Lalaki nu karék jol pisan, tumanya.
"Pun lanceuk, Kang. Ramana murangkalih." Rét deui. Tatanggahan deui. Teuing geus sabararébu taun. Nu ditungguan teu norojol waé.
"Anjeunna nu miwarang abdi solat. Nu ngajajap abdi ka unggal pangaosan. Béla pisan...." Manéhna gegerendengan,
"Kedahna anjeunna heula nu dugi ka dieu téh."
Gapura nu ka-dalapan. Aya seungit nu nyambuang. Ditoong ka lebah jerona. Tujuh wahangan malidkeun cai tujuh warna. Ti lebak ka lebah tonggohna.
"Nyai...lawang rék ditutup. Geura asup. Jalma nu bieu ngaliwat, éta jalma nu panungtung nu bisa meuntas ka ieu tempat."
Rét deui. Najan teu tatanggahan deui.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya