Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Dongéng Pasosoré

Papatah Apa Kakara Karasa

Rabu, 17 Mei 2023

KISUTA.com - "Pamajikan téh beubeulahan jiwa. Tempat majik dina enggoning ngawelah kahirupan,” saur Apa harita basa kabagéan ngéndong di imah. Ema imut sagédéngeun Apa, bari ngéntépan seureuh lemareun.
“Kahadé Jalu, lamun hidep diparengkeun boga pamajikan, omat kudu bisa ngatik ngapingna, miara miroséana. Sing bisa sili hargaan. Sili ragangan ku cara ngajaga sikep. Kudu bisa sili anteur katineung, sili rojong ngahontal kahayang,” saur Apa. Leleb. Anteb.
Teu lemék sakemék. Harita. Ongkoh deuih teu ngalalarti. Tong boroning mikiran nu kararitu, humar hemir ka awéwé gé acan. Asa jararauh kénéh.
“Peupeujeuh ulah deuk ngadua haté. Euweuh awéwé nu daék dicandung atawa dipangnyandungkeun. Moal aya nu bisa miceun kanyeri alatan ngadua haté. Karasa pisan ku Apa jeung Ema…” Apa ngarérét ka Ema nu katangén leungiteun imut.
Papagah Apa kakara karasa sanggeus likuran taun Apa jeung Ema ngantunkeun. Karasa pisan saprak rumah tangga jeung indung Si Bungsu.*

Abu Ainun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya