Kamis, 2 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Kilometer 97

Sabtu, 20 Mei 2023

SAREUPNA. Kilométer 90. Tol Padaleunyi, arah Jakarta. Mobil ngadius tarik lebah pudunan. “Bau hanyir, Kang!” Ngalieuk ka kéncaeun. “Sarkaaang, Ulah ngalieuk! Deuleu éta di hareup aya karéta!” Ngagorowok. Malik deui ka hareup. Gebeg! Ngan sakolébatan. Les! Karéta ngiles. Aéh naha da di tol mah euweuh rél karéta api. Allohu Akbar! Bleg! Bujur treuk ngajubleg hareupeun. Treuk toronton hideung. Rét ka kénca, aya beus nu sarua keur tarik. Rét kana kaca spion katuhu. Katempo siga treuk fuso keur ngedimkeun lampuna, nyusul treuk gandéngan. Harideung kabéh mobil téh. Sup persenéleng kana opat. Mesin ngagaur. Setir dibawa ka katuhu. Gas ditincak pol. Alhamdulillah salamet. Sup ka rést aréa di km 97. Awak nyangsaya. Reureuh sakeudeung. Teu kaharti puguh gé. Kajadian naon ari bieu? “Ngopi heula, Kang!” Jrut turun! Pesen kopi opat. Sor diasongkeun. “Bau hanyir deui, Kang!” Teup! Kana kopi. Warnana beureum. Getih? Tukang kopi dipolototan. Euweuh sirahan…*

Deni Riaddy - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya