Jumat, 3 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Béakeun Langit

Kamis, 5 Maret 2020

TIPEPEREKET nahan héabna mangsa. Teuing puluhan teuing ratusan kali. Haben pundah-pindah. Teu weléh aya nu nyingkahkeun. Da saingetna ogé, uingah jeung Si Ema. Tapi nyaaheun pisan. Basa nanyakeun asal lembur. Kalah rambisak. Da Ema ogé cenah teuing ti mana. Uing geus teu wasa unggal poé maraban Si Ema ku kéré beurit nu kagéléng. Heu, batan maling! Biasana mah sok aya nu bageur, miceunan paku di jalan. Heug ku uing dipulungan. Si Ema ayeuna gering ripuh. Uing bingung. “Ma, urang pindah yu, didieu mah panas...!” cekéng. Si Ema kalah gideug. ”Ari Ujang pindah téh, pindah ka mana? Bisi aya kulisi mah, Ema mah turuban deui wé ku kardus.” Témbalna. Katempo ‘na juru panonna aya nu nyangkrung. Uing tibang unggeuk. Tuluy uingah neuteup ponclot tugu monas. Da resep pisan. Meni tinggurilap. Da mun uing jadi Gatotkaca, meni hayang mangnyokotkeun, keur Si Ema.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya