Minggu, 19 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Hujan

Jumat, 13 Maret 2020

HUJAN émprak dina kenténg. Tingkocéak muru talang. Ngagalantang dina pancuran. Maloncor tina sela-sela hateup. Luncat kana kaca jandéla. Maruntang. Lila-lila ronghok. Sing géréwék ngagentraan. “Héééy…Tong ngalamun..! Mending ameng yu..!” Hujan anteng arulin di buruan. Arocon salusurakan. Silih simbeuh, silih ruru. Ayun-ayunan dina daun. Susulumputan dina rungkun. Hujan beuki pogot sésélékét kana akar-akar tangkal. Ngendag-ngendag batu ngampar. Ajrag-ajragan minuhan talun. Hujan hanjat kana golodog. Léb-léban. Talupuh dibancuh. Bucis. Noroktok ngetrokan panto. Ngagugudrag. Ucang-ucang dina sorondoy. Anjaclang luhureun wuwung. Ngayun-ngambing orok dina suhunan. Ngambang. Ngamplang.*

Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya