Minggu, 19 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Ngimpleng

Sabtu, 14 Maret 2020

SUKUNA geus teu kuat napak. Rumanggieung. Sirahna dibengker, majar puyeng. Dicabak leungeunna, panas. Dug deui bari ngimpleng. Pangajak barudak teu ditolih. Horéam dirawat di RSUD téh. Baringsang. Asa di pasar. Di Harapan Séhat? Kabéh nu besuk pasti ngirim brownis. Bubuhan nu dagangna nampeu di gerbang pisan. Padahal teu beuki ka nu amis téh. Médical Céntre? Lah, susterna karolot pisan. Duka tah mun di Maryani Médical Céntre. Rada leuheung. Tempatna beresih, susterna maranis, dokterna gareulis. Ngan katempona téh sok rada jéjérégéd ari ka aki-aki mah. Pusing, ah!

"Hayu atuh, Engki, palay diopnameu di mana?"

Lila ngaheneng. Reup wé. Nu kagambar bet Nyi Onah. Geulis, berséka, jeung sok sabar ngawulaan nu gering téh. Jaba pinter mencétan. Kapaké dina nyasar nu kudu dipijetna. Sirah balideg gé sok ngadadak cenghar. Anak incuna ngarariung. Malencrong bari lewang nempo nu teu kecét-kecét. Bray akina beunta.

"Di imah wé. Ku Nyi Onah."*

Teti Taryani - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya