Selasa, 30 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Layon-layon

Minggu, 15 Maret 2020

KOROSAK! Gebeg! Jajantung ratug. Lalaunan nguniang. Panon ngulincer, niténan kaayaan. Simpé. Ukur aya hiur angin. Leuleuy, ngendagkeun dangdaunan. Paneuteup museur ka lebah tatangkalan nu rajeg dina belegbeg peteng. Rét ka kénca. Puriding, dua waruga ngajarepat, taya nu walagri. Garudawang palebah beuheung jeung beuteungna. Rét ka katuhu, lima gunduk taneuh beureum, ngajajar. Gecruk! Ras ka nu datang na tungtung layung. Getih garing nyumputkeun riuk-semu pameunteuna. "Pangaruangkeun!" cenah, tan éksprési. Bru, ngécagkeun layon. Leungeun bolokotna ngomékeun buuk nu ririaban dicoo angin. Laju ngaléos ngudag peteng. Datang deui, ngécagkeun layon. Deui. Deui. Gecruk! Gecruk! Lombang kagenep, beuki jero. Awak mimiti leuseuh. Gecruk! Maksakeun ngulangkeun pacul. Séorrr...! Angin ujug-ujug suméor. Bareng jeung sora ajag nu nyungungung ti galeuh tabet, dituturkeun ku nu nyikikik tarik. Puringkak, bulu saawak-awak carengkat. Teu kanyahoan, manéhna geus nangtung di sisi lombang. Bru. Layon kadalapan, kurebkeuneun. Belesat. "Awét-awét tanaga! Réa kénéh ruangeun. Bisi manéh jadi nu kasalapan." Hawar-hawar, kabawa angin.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya