Selasa, 30 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Bulan nu Naning

Rabu, 18 Maret 2020

BASA ka Bandung, Naning nyempetkeun meuli bulan, sarébueun. Isukna, dibikeun ka Si Aa. Embungeun. Dibikeun ka Si Akang. Embungeun. Ka lalaki séjén. Sarua embungan. Sugan bulanna kudu dipecéhan heula? Bulan, ku Naning disiksik. Jadi sababaraha pasi. Ahéng. Sanggeus disiksikan sapasi-sapasi mah, jadi loba akang-akang nu ngungudag Naning. Dicobaan, bulan nu sapasi téh disiksikan deui. Direcah. Jadi sapasi-sapasi nu laleutik. Lalaki beuki loba nu barutuheun ku Naning. Atawa ku bulan kitu. Hanjakal Naning mah teu resep digembrong lalaki téh. Lieur. Sakali mangsa mah, sakur lalaki nu hayangeun ka Naning, éh ka bulan, ku Naning dikumpulkeun di tengah imah. Jebréd wé disosi. Naning ka Bandung deui, meuli matapoé. Créng! Diduitan. Matapoé digagandong. Dibawa balik. Sup ka rohangan tempat ngumpul lalaki. Taya nu sanggupeun ku panasna. Beledug! Paburantak. Paburencay. Sakabéh nu aya di rohangan jadi bubuk. Nu nyésa ngan matapoé jeung Naning. Isukna Naning ka dayeuh. Meuli bentang jeung matapoé deui.* Deni Riaddy - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya