Senin, 6 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Cumpon

Kamis, 26 Maret 2020

PEUNTASEUN setasion. Dua iteuk pakotrék. Otél. Teuteupna nu linduk liuh ngan wasa dibales ku gerentes, ”Ahirna nungtung dina lawung, mangsa srangéngé geus teu patihurung. Mangsa layung ngagulubur ngahibaran tungtung langit. Kari dada regas nu karancang. Lamun ceunah kudu nyambung asih antara haté jeung haté. Poma ulah nganyenyeri.”
Tiung bodas nu ngarungkup luhureun tarang disingraykeun. Ramona ngeleter. Leuwih ngeper basa nyekel pigeulang. Rosana keteg jajantung ukur dikemu, ”Ahirna patepung lawung, mangsa diri geus teu walakaya. Hayang meuraykeun bangbaluh. Nyumput dina teuteup anjeun nu linduk liuh. Sina ngangkleung dina talaga pangancikan rasa. Trésna nu nyésa nepi ka tungtung pati. Lamun enya-enya bisa nyanding. Geura tampi sagemblengna. Poma ulah nyapirakeun.”
Rél karéta ngembat ngulon. Duaan silihtuyun mapay-mapay babantal. Teu nolih galituk batu saban tincakan. Teu nolih sinyal nu nyulaget. Teu mireng hoang karéta ngeduk angin satukangeunna. Jongjon silihtungtun.*

Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya