Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Ranjang

Minggu, 29 Maret 2020

PEUTING terus ngahégak ka puseurna. Manéhna. Angger diuk ‘na biwir ranjang. Ranjang nu can robah rurub kulambuna. Ranjang nu can kungsi kasaba rungrumna. Ranjang nu sepréna pulas bodas. Pikeun harepanna nu reuntas. “Tong ieuh mulasara duriat. Rina ayeuna geus jadi milik Héndra, salaki nu wajib dipituhu.” Sora indungna. Sora nu langgeng meruhkeun geter, ti saprak léah dirérémokeun nepi ka sataunna ngarumahtangga. Tapi salakina can kungsi ngaroncé asih. Ilaharna lalaki némbongkeun siih. Manéhna. Angger didaster wungu. Biwir ambucuy jambu. Malati dina rurumbay rambut. Jeung hinis ngagerihan dina kalbu. Maneuh. Nganti salaki di rohang gawéna. Nu bangun uplek ngawangkong saban peuting jeung sobatna. “Akang capé. Anggur Rina geura ngedeng.” Sora salakina. Sora nu langgeng mergasa rasa, ti saprak peuting munggaran nepi ka peuting nu kiwari ngaruhit kana sukma. Panasaran. Manéhna. Ngaringkang ka rohang gawé. Kapireng aya sora nu haroshos. Léngkahna ngagancangan. Sora beuki haroshos. Léngkahna kandeg. Dua raga lalaki. Sataranjang. Siligaléntoran.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya