Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Taman Sawarga

Senin, 30 Maret 2020

AYA ku éndah kembang tablo, kitu gerentesna. Tablo keur meumeujeuhna laligar, kayas marakbak dina balong tukangeun imah. Ceuk pikirna, nya ieu taman sawarga nu pangéndahna, taya tandingna.

"Geura nyatu ka ditu, bisi kabéh digares ku adi sia!" ceuk indungna, nu kadéngé ku manéhna halimpu kacida, siga galindeng widadari. Seungit tina balong kolombéran nu ngahiliwir, diseuseup teleb.

"Mantog siah!" kadéngé hawar-hawar sora ti imah tatangga. Lebok tuh ungkluk budug, ulah ngajedog baé di imah." Lir lagu cinta, nu digalindengkeun ku artis televisi nu bajuna hurung-hérang, buricak burinong. Ah, naha kudu nyeungceurikan dunya nu sakieu pikabetaheunana.

"Bangsat, diwejek siah ku aing!" Gujubar kana balong aya nu galungan. Silih bintih silih peupeuh, gigireun tablo nu karembangan. Awak geus teu mirupa, campur jeung naon boa. Nuhun Gusti, gerentesna, dinten ieu abdi dihibur ku rupa-rupa kamonésan, di taman sawarga nu sakieu éndahna.*

Darpan Winangun - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya