Kamis, 9 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Nyi Ronggéng

Kamis, 2 April 2020

NGAHAJA motong jalan satapak sangkan téréh nepi ka lembur. Poé Ngagayuh ka tengah peuting. Langit ngungun. Bulan siga nalangsa. Lebah dapuran awi, leumpang ngaregog. Teu biasana. Hanjakal léngkah teu bisa dieureunkeun. Jeduk! Suku najong tunggul. Blug! Labuh. Uyup-ayap. Geunyal. Disasar deui. Awéwé. Gap kana korék. Gebeg! Saha nu ngababatang lebah dapuran awi? Cekés! Korék dihurungkeun lebah sirahna. Ratna? Ratna Hérang? Dumadakan tingsariak saawak-awak. Kukurayeun. Leng ngahuleng. Panggung nu jadi saksi. Bieu pisan ngéngklak jeung manéhna. Nyi ronggéng nu umurna can manjing 20. Katelah ku pangabisana ngéngklak. Kawentar geulis nu euweuh cawadeunana. Dipidangdam para jawara kahot. Dipicangcam para gegedén. Mungguhing ku kaom cacah. Jadi sabiwir hiji. Cekés! Atra. Getih ngabayabah. Kaéndahan awak nu lir sawarga, burakrakan. Tinggal sirahna nu beleger. Gap kana keretas dina ranggeuman rémana. Laju dibaca dina hurung seuneu tina korék: Kuring nyupata ieu lembur, moal aya mojang geulis nu umurna leuwih ti 19 taun.*

Deni Riaddy - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya