Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Gerentes

Sabtu, 11 April 2020

TOS lami pisan, In. Kuring ngantep ngelunna haseup salebeting dada.

Duka sabaraha lami ieu rasa dodongkang milari hartos tina simpé nu ditapsiran ku lewang nu manjang. Émut harita wangkid tepang nu pamungkas. Nu natrat mung kecap miwah kalimah nu rumpil kacida. Aya samagaha dina cariosan salira, "Aya hiji kecap nu janten pantrangan. Kecap nu salamina gé moal dikedalkeun, A...."

Ayeuna, karaos. Sanaos wengi ngahiang dina unggal kiceup nu ieu, nanging jempling bet janten rénghap nu teu cacap-cacap.

Simpé karaos langgeng. Nyiprukan réwuan hurup nu kasusun. Ngancik dina rasa pangtiisna. Lisan ngabigeu, teu wasa nyebat-nyebat tineung.

Wangkid halimun nyimbutan salami saratus duapuluh rénghapan. Aya nu kagambar 'na émutan, In. Tangkal akasia, girimis sareng jalan satapak peuntaseun stasion.

Ayeuna, salira mirupa kalangkang.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya