Minggu, 5 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Monster

Rabu, 15 April 2020

POÉ minggu. Ihsan jeung Sarah geus saged mandi. Biasa ari poéan peré téh sok ngajak ulin ka toko buku. Tepi ka nu dituju, milih buku séwang-séwangan. Sarah, milih buku karesepna ‘Cinderella’ ukur ningalian gambarna, da puguh can bisa maca. Ihsan, gap kana buku ‘misteri hantu di dunia’. Haté rada kagoda, laju nanya “Naha, Aa teu sieun maos buku nu kitu?” Bari ngarérét kana bukuna. “Henteu..!” Jawabna pondok. “Aa mah, sieuna ku Monster..!” Celengkeung, Sarah mairan. “Sarah… Sttt..!” Ihsan jiga nu sieun katohyan. “Monster nu kumaha?” Beuki panasaran. “Monster dina soca bapa!” Jep, dunya asa réhé comrék. “Hampura anaking, Bapa sok popolotot…!” Monster salin jinis, ngalémbéréh maseuhan pipi…*

Apoedy Sarah Ihsan - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya