Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Katumbiri

Kamis, 23 April 2020

MÉH belasan taun, kakara nénjo deui katumbiri. Harianeun. Teuing hujan di mana. Nu biasna mapaésan langit. Uing jongjon ngagugulung impian riwan. Demi katumbiri. Geuning nutugna lain ka leuwi. Aya béja nu kabawa babaung ajag. “Kang, dungakeun Si Abah!” Beg. Henpon teu sirikna dibalangkeun. Impian gancang diécagkeun. Ngadius. Muru nutugna katumbiri. Anjog di rumah sakit. Horéng nu lungsur lain widadari. Leumpang rusuh. Nutur-nutur ngamparna katumbiri. Ngamuara pulas kulawu. Bréh. Ki Sepuh. Ambekan renghap-ranjug. Sidik. Teu wasa ngusikeun ragana. Ngalempréh. Aya nu imut, sagigireunana. Gugupay pinuh kabagjan. Lungsur tina ranjang. Ngaléngkah dina amparan katumbiri. Digéndéng ku nu mapag. Tonggoy. Teu kungsi ngarérét deui. Dipirig nu ngaji. Dikemprangan wirahma tauhid. “Wilujeng angkat, Karuhun!” Cipanon nyakclakan.*

Remi Purwaka Sadkar - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya