Senin, 6 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Hiji Mangsa di Vancouver

Minggu, 26 April 2020

JAM, menit teu karasa. Jog, ka nagara nu keur mangsa tiris kacida. Blus, asup ka kamar hotel. Rét, kana jam geus nunjukeun jam salapan peuting. Meureun geus asup waktu solat isya. Gerentes haté. Rérés solat, gap kana Qur’an. Ngaderes. “Trok” Sora panto nu ngetrok. Steffany, dunungan nu ngajak seminar di Kanada. Sup, manéhna teu loba nyarita. Ucul-ucul baju bulucun. Ukur bisa hookeun. Teu lila. Gep kana simbut, nuruban nu bulucun. “Kamu cantik, seksi... but I’m Moeslim.” Kuring ngantep nu nangkuban nyegruk. Rét deui, kana Qur’an na luhur méja. “Nuhun Gusti kuring keur éling,” golédag dihandapeun kasur. Guher....*

Apoedy Sarah Ihsan - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya