Selasa, 30 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Mudik

Jumat, 1 Mei 2020

KATAJIEUN pisan sigana ku artikel dina koran poé harita. Nepi ka aya gerentesna hayang mudik sacara rohani. Nu kapikir pangheulana rék ditepungan ku manéhna téh Haji Holil. Kungsi ditipu puluhan juta. Ana srog ka imahna, anakna nu ngamuk téh. Huntuna punglak sadua-dua. Tilu poé ti harita ceu Mia nu ditepungan téh. Anak bungsuna apan kungsi disélongkeun. Untung teu nepi ka urusan jeung pulisi gé. Ana srog, horéng Ceu Mia anyar ngantunkeun. Atuh balilihan téh di kuburan. Isukna, nu ditepungan téh Kang Darsa. Lalaki sasoléh-soléh, digebruskeun ku manéhna kana rucah. Lain baé rumahtanggana nu burakrakan, tapi bandana gé ledis pisan. Ana srog, Kang Darsa geus nyenyepeng péstol. Beledag-beledag, meneran kana puhu pingping jeung puhu leungeunna. “Balik!” ceuk Kang Darsa leuleuy, “Urus anak aing dina beuteung pamajikan sia!” Manéhna balik bari imut. Ngan samar kaduga nepi ka imah, da saawak-awak ulawéran getih.*

Darpan Winangun - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya