Kamis, 9 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Tembang Silung

Selasa, 5 Mei 2020

AGRIN. Ngahaleuang lebah ténda katideresa. Tembang cinta kitu? Silung kapirengna. Sabot dunyana geus wegah némbongkeun pulas-pulas kabungah. Langitna geus kalimpudan haseup kulawu tina congo-congo bedil. Lemahna raca ku tapak-tapak masiu. Sarua racana reujeung tatu jeroeun bayahna. Teuing iraha rék waringkas.

Agrin. Micangcam, Soran. Budak nu teu boga kagimir. Nu bisa ngahudang sumanget hirup Hékov, adina. Panutan pikeun Pashow jeung Shirkooh. Barudak nu geus teu sampurna jiwa katut ragana. Ngan, Agrin, rumasa teu bisa ngejat tina kalangkang nu teu weléh ngukuntit. Katambah ku Riga, bocah nu teu wanoh reujeung warnaning dunya. Nu salawasna nambalung Agrin, jeung rusiah di satukangeunana. Rusiah nu embung katangén ku Soran. Sanajan karasa kumaha nyaahna Soran, ka Riga. "Héngov, omat manéh tong betus!" Manéhna teu yakin.

Agrin. Aya di pasampangan. Beuki karasa beuratna nanggung momot dina umur wewelasan. Geus nyieun putusan. Rék muru dunya nu lian, ngaliwatan tegalan nu ngabayak kuburan masiu. Bari Riga, teu leupas ti manéhna.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya