Minggu, 5 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Koin Haji

Kamis, 7 Mei 2020

CRING..! Duit récéh sarébu rupia wedalan anyar ngaborélak. Niat kukumpul keur munggah haji. Méméh sup kana liang, diusapan bari maca solawat. Cring..!

Teuing sakumaha lobana kencring nu kudu dikumpulkeun sangkan kacumponan. Keun baé! Nu penting niat sing ihlas. Nu keyeng tinangtu pareng.

Janari leutik. Simbut muntangan neruskeun hanca impian. Hawar-hawar aya sora ngagalindeng, ”Allohumma sholli ala Muhammad waalii Muhammad.” Patembalan.

Kagareuwahkeun. Uyup-ayap kana sisi risbang. Jéngké. Ngeteyep. Leuh, saha? Pan di imah keur nyorangan. Sora datangna ti kamar Ambu. Céngcéléngan luhureun nakas oyag laun. Liang céngcéléngan ditoong. Cring...cring..cring...duit kencring diaradu. Ngawirahma jadi solawat kakangen, ”Jungjunan, mugia nampi salam kawilujengan. Ya Alloh, mugia maparin kasempetan kanggo nedunan panggupay Salira.”

Lir dipupul bayu. Ngudupruk sujud, ”Labaik..., Allohumma labaik. Labaik la syarikala kala baik...”

Nganteng, manteng. Sajadah nandé cimata.*

Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya