Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Ngarajah

Minggu, 10 Mei 2020

NGARÉNGHAP dina lolongkrang wanci. Rupek. Hésé engapan. Ditalikung liwung. Saban wayah. Ngemitan kapeurih. Wanci sareupna. Manéhna ngarayap muru imah Bah Juha nu nenggang di biwir lamping. Matuh. Tempat ngabangbrangkeun lalangséna. Barang datang ogé teu kungsi dihiap. “Jang, sing sabar wé nya..., tong teuing miharep célakna béntang dina kaayaan kieu mah! Anggursi geura sasarap ku iklas,” Bah Juha ngalelemu. Nu keur ngalungsar bari ngahérang neuteup lalangit nu geus rawing. “Nini, cik kadieukeun geura kacapi teh!” pokna. Si Nini ngasongkeun kacapi buhun ti jero goah. “Mending hiburan geura. Yeuh, rajah pangjurung,” jentreng. Ramo-ramo Bah Juha nu karijut kari tulang. Meni tapis nyintreukan kacapi. Ngarajah bari semu peureum. Témbong dina juru panonna aya nu nyangkrung. Sorana dikelewungkeun. Ngalanglaung. Meupeus peuting. Kitu jeung kitu.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya